Pages

Pentingna Tatangga.

Penting na tatangga teh, kacida pisan pang pang namah lamun urang keur aya ka butuh jeung karipuh,
da karasa ku sewang sewangan ari keur bagja, bungah mah, boro boro ingeut ka nu jadi tatangga teh
nu di heulakeun mah pasti we anu saeusi imah nyatana ibu rama urang terus dulur adi lanceuk tah pasti
kabalateran, moal ujug ujug ka tatangga ieuh.kuring kamari katukang ngarasa sorangan dina waktos kuring
ka timpa musibah (gering) harita di imah ngan aya kuring sareung indung  budak eh aya hiji dei ketang
budak kuring karek smp teu ngarti jeung teu bisa nanaon pikeun nulungan kuring nu keur babngkieungan
di gulung ka nyeuri pamajikan mah angot meureun riwas ningali kuring ajrag teu cicing golehe ka katuhu,
golehe ka kenca, kuniang hudang, bureubet ka WC da rarasaan teh hayang kahampangan bae,
leos deui ka hareupeun pamajikan kuring, gubrag nga beubeutkeun awak tangtuna kana kasur,
da kana tembok mah meureun nyeri pikir kuring.

di usapan ku pamajikan di balur gandapura sugan jeung sugan rada leuheung,
di rarsakeun teh kalah beuki nyrokcok ieu kanyeri nga gulung, teu puguh rarasaan.
"akang kumaha nelepn dokter wae? ceuk pamajikan, Nya sok da akang ripuh kacida.
leos pamajikan ngaronjat Hp anu ngagoler rada anggang dina korsi, buru buru di pencet No anu di tuju teh,
pamajikan ilu ciling cingcat alahmanan hayam arek ngendog, nya puguh we da ningali salaki anu keur apreuk - apreukan, No anu di tuju euweuh wae ngangkat meureun ngendeuk sabaraha menit.

"Hallo Assalamualaikum...!"

kadangu sora rada serak jiga anu karek hudang sare "Halo Dok..? " tempas pamajikan" ieu sareung Bu Darsim,,!
"nya kumaha Bu..?

teu loba basa basi , teu jiga biasa na pamajikan kuring, biasa namah lamun ngobrol tara kana inti na langsung sok aya selingan heula, tapi peuting eta mah beda.
"ieu kang Darsim teu damang dok..! tiasa kadieu teu ayeuna pisan?
"aduh Ibu punteun pisan Abdi na nuju Tugas di Ci gencoi, tembal dokter.
Mangga atuh pa Assalamualaikum, nut nut nut... telepon di tutup ku pamajikan bari rada keuheul.

"Nyi cik teang mang Uding ieu tulungan kituh..
kabeuneuran Mang Uding imah na pang deukeut na jeung imah kuring.
teu loba carita pamajikan indit kanu di tuju nyatana mang Uding tea.
Teu lila pamajikan datang bari di tuturkeun Ku mang Uding.
kuring sasadu ka mang Uding " ieu hapunteun we mang Uding kuring ngarerepot tulngan kuring,
"Ahh heunteu tempas mang Uding " kumaha ieu Nyeri naon..?
mang Uding ieu beuteung kuring Nyeri sabeulah nyeri nyeri kacida.. tembal kuring bari nahan ka nyeuri.
"kumaha atuh neang Dokter ?

"Nya...! temabal kuring semu tarik, . Gancang mang Uding indit neang dokter.
ngadadago meureun aya kana 15 menit tan mah. datang we mang Uding teh Kuring bungah.
tapi harita keneh kabungah kuring luntur ku kanyeuri katambah Dokter anu di teang teh euweuh, cek mang oding gancang nyarita "Dokter nage areuweuh nu ker tugas tea, nu keur nganjang, poknamah Dokter anu aya di wilayah dieu Hartita keur euweuh.

singkat carita kuring di bawa ka Dokter ku Mang uding nepika di tungguan, sagala.
Alhamdulillah ku jalan sareat kuring di obatan ku dokter ka nyeri leungit (damang)
teuges namah Mang uding nulungan kuring dina kaayaan ker butuh ke ripuh.
tah sukur kacida boga Tatangga anu jiga mang Uding teh. Salilana jasa mang Uding bakal di inget ku kuring.
Mugia Allah anu maha welas tur maha asih. ngabales kahadean mang Uding Aminn,,
(inget jaga karukunan tatangga)

"Di pungkas wae dugi kadieu, ku sabab Mang uding arek neanagn dokter deui, tatangga sabelah deui na.. Mules lambut.


(Di kutip Tina Obrolan Kang Dadang Sareung Mang Uding)

0 komentar:

Posting Komentar

Apapun komentar nya, Saya tunggu..!