Pages

Sasakala kuda teu tandukan.

http://gudangnyacerita.blogspot.com
Sakabeh sato lamun rengse nyatuan, Kabeh sok ngareret nyampeurkeun kuda asa teu geunah rasana lamun teu ningali kuda, Cenah jaman haritamah kuda teh tandukan, keur jangkung badag bari buluna luis tur herang katambah ku boga tanduk,Geus we pohara gagahna.
sakapeung sato sejen sok iri ka sakadang kuda ku kakasepan nana.
Dina hiji poe kuda keur nyatuan, tuluy we aya Uncal nyampeurkeun, kacaritakeun Uncal teh kabitaeun pisan ku tanduk kuda.
Uncal ngawanikeun kareup menta ngajaran eta tanduk.
" Kuda...Kaula ngajartan tanduk hayang apal lamun kaula make tanduk panteus hanteuna..!
"Is.... ulah hese ngalana..!
"Kuda naha manehteh berewit berewit teuing..! cing kaula ngajaran sakeudeung di dieu, da kaula ge moal kabur ieuh, barianage lamun kaula mawa kabur tanduk anjeun da meureun kapanggih da kaula teh lain sato saliwat unggal poe ge papanggih pagiring gisik lain kitu?

" Bikeun atuh Kuda... eta sakadang Uncal arek ngajaran barinage manehmah teu make tanduk oge pohara gagahna, Mantak iri sato nu lian  "Omong Munding bari ngareret ka gigireun kuda.
"Sakadang Munding...! tapi manaeh kudu tanggung jawab lamun aya naon naon kana tanduk urang..
"Heug.. kaula ilu tanggung jawab...ceuk sakadang munding.

Porosot weh eta tandukteh di ala jiga nu beurat katingalina.
"Yeuh...! "tanduk di asongkeun ka hareupeun uncal, kerewk eta tanduk di jewang ku uncal tuluy we  di pake harita keneh.

Sangges make tanduk, sakadang uncal jadi legeg sakapeung geudag geudig bari tungkul jeung tanggah asa kasep. Da memang eta tanduk teh meujeuh na pisan.
"Geuning kaula teh panteus make tanduk nya...?
Ningali polah uncal kuda ukur nyerengeh anggeur bari terus nyatuan nya puguh we da kuda teh lapar harita teh.
Salila nyatuan kuda teu ngarertan uncal..
Beuki lila uncal beuki ngajauhan nyatuana ti kuda terus terus beuki ngajauhan...
sanggeus ngarasa aman Beureubet we Uncal lumpat sateker keubek....

"Sakadang kuda bareung ningali uncal lumpat teu tuluy ngudag tapi sanggeus sadar yen tandukna di bawa kabur ku Uncal  "Kuda mabret lumpat ngudag uncal...
Uncal Asup ka leuweung nyuksurukeun kareup..
Hanjakal nu di udag leuwih tarik lumpatna tibatan nu ngudag, sakadang kuda ngulincer mapay leuweung tapi eta sakadang uncal teh weleh eu kapanggih.
Kuda pohara kaduhung jeung hanjakalna, Tuluy we kuda indit nyampeurkeun sakadang munding, da tadi ngomongna rek ilu tanggung jawab lamu aya naon naon kana tanduk.
"Sakadang Munding kadieu maneh....!
"Aya naon kuda?
"Tanduk kaula di padog ku Uncal manaeh kudu tanggung jawab...
"Ahh Kuda anjeun teh mani riweuh pisan... keun we atuh tanduk di bawa ku uncalmah..tingali atuh awak maneh jangkung badag kasep, teu make tanduk ogen.. Lamun maneh make tanduk bakal loba satu anu Iri ka maneh... Sok jongjonkeun we tandukmah..
"Kuda di leuleuyan ku munding..
Ngadenge omongan munding.. kuda rada leuheung teu ambeuk teuing.
Ti sabot harita kuda teu eureun neangan Uncal.. unggal kapanggih sakadang uncal sok tara beunang wae di udag.

Nepi ka jaman kiwari kuda masihkeneh bendu ka uncal... ku lantaran tandukna di badog..
Mangkana Manusa lamun moro uncal sok numpak kuda  ku lantaran lamun kuda nempo uncal lumpatna sok tarik kulantaran rek ngarebut eta tanduk tea.


3 komentar:

chiekebvo mengatakan...

doh...roaming pak.. :(

D.Durahman mengatakan...

Hahahh... roaming toh mas.. yo wiss ckckckck

kisah abu nawas mengatakan...

kuda yang bagus
putih bersih

Posting Komentar

Apapun komentar nya, Saya tunggu..!